|
Mun seug urang paanggang, ulah jadi halangan pikeun nyangreudkeun pamageuh tineung ngaraketkeun tali silaturahmi. Kiwari loba jalan pikeun ngadeukeutkeun jeung ngaraketkeun katineung.
Salah sahiji jalan nyaeta silih kirim email (daftar email kulawarga aya dina daftar).
Lian ti eta boh bilih aya anu teu kasebat nami nuju alit asma dewasa kalangkung dina runtuyan kulawarga R. Ahmad Djayadi ieu, kitu deui boh bilih lepat ngetik nami sareng alamat, kintunkeun wae ka email: ahmad_djayadi@sundanet.com.
Website ieu didamel ku PT. Wahana Raksa Sunda, anu ngokolakeun SundaNet.Com.
Bilih aya saderek anu meryogikeun katerangan lengkep ngeunaan Terah Teureuh (Family Tree), tiasa ngalangkungan email ka: wrs@sundanet.com.
|